Kacaturkeun di Karajaan
Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya
kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua
Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna,
Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan
Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun,
diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep
diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun
anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog
hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu,
Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya
maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah
ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu
dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu
dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini
Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida
bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya
orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka
lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus
gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung
jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki
Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung.
Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh
ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya
manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus
jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa,
disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi
hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung
Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh.
Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih
Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua
patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh
diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék
ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara
papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara
ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh,
tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara
sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh
diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung
Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun
deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung
Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh
nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung
Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak
ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan
dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabinékasan Ki
Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi
Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya
Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep
téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida
ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh
tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh
kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah,
harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung
Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
Tina Pangajaran Sastra
Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar