Jumat, 03 Mei 2013

Pancen basa Sunda Ngadamel biografi


1.Biografi Agus Bastaman
Agus Bastaman lahir di Ciamis, Jumaah, 30 Maret 1962, putra cikal tina 6 sadulur. Ramana Komar Arifin Pagawe PEMDA Ciamis. Ibuna Djubaedah. Mimitina, Agus Bastaman asup sakola di TK Darussalam (1967-1968), saentos kitu neraskeun ka SD Negeri 2 Dewasari (1968-1974). Salajeungna neraskeun sakola ka SMP 1 vilial Bojong ( 1974-1977). Anu teu kendat-kendat hoyong neraskeun sakola di teraskeraskeun ka STMN (Sekolah Tehnik Menengah Negeri) 1 Ciamis (1977-1981). Tos beres sakola ti STM hoyong kuliah namung teu kateudunan jalaran masalah ekonomi. Saterasna perjalanan hirup teh neraskeun damel di Bandung minangkana mah janten  ngiring dagang sareng perusahaan dagang oli Quarter State anu kantorna Jalan Karapitan Bandung.
Tos perjalanan sekitar 8 bulan saur keterangan Bapak diteang ku aki ka Bandung keukeuh kudu mulang da nyebatkeun engke bade di damelkeun di PEMDA. Cariosna ti Bandung mulang sareng aki nu hareupan bade damel di PEMDA ternyata akina di panggil kunu kawasa tanggal 17 September 1982 saatosna kajantenan Gunung Galunggung bitu. Janten anu di rencanakeun saatosna ti Bandung henteu tiasa kasumponan ieuh malahan sakulawargi sadaya bingung ku sabab bapak teu aya pun bapak teh sareng raina 5 milarian damel di Ciamis kalah jadi pengawas di pemborong tepatna di damelna di CV Indah Cijantung Ciamis. Anu awalna damel teh ngadamel masjid Agung Ciamis saterasna ngadamel kantor work shop di banagara jeung deui midameul trotoar ti lokasana dugi ka gayam, anu salajeungna deui ngabangun terminal di Banjar kanggo persiapan kotatif sareng ngabangun SD caket kantor kawedanaan Banjar anu ayena janten kantor walikota. Saatosna ti dinya ngiring deui sakola persamaan SPG ( 1985-1986). Anu emut pun Bapak dunungan aki teh namina Pak Suyazid anu ayena enggal keneh pendak sareng putrana anjeuna janteun pemborong. Saatosna kitu pun bapak diteraskeun sakola ka Universitas Terbuka D II (1992-1995).
Pun bapak di teraskeun sakola di UNIGAL S1 IPS Prodi Sejarah (1999-2001). Pun bapak ngiringan organisasi karang taruna ti aalit (1974-2000). Bapak oge ngiringan Kosgoro. Di PGRI pun bapak janten pangurus ranting jeung cabang ti taun 1988- ayena. Pun bapak oge ngiringan organisasi LPM. Bapak ngagaduhan perhargaan Juara 1 Pagelaran Seni Penataran di Pusat Guru Tingkat Provinsi. Pun bapak tahun 1988 di angkat janten PNS, anjeuna ngajar di SD N 3 Pamalayan dugi keun ka taun 2007, anjeuna ngalih ngajar ka SMAN 1 Cimaragas dugi ka ayena.


2.Biografi Iis Hindasah
Iis Hindasah téh lahir di Ciamis, dinten Senén, 30 Agustus 1968,putri ka 7  tina 10 sadulur.Ramana Memed sareng ibuna Ioh.  Mimitina mah, Iis salian sok tolab élmu di masjid ti ajengan, nyiar élmu kaduniawian ogé teu hilap dilakonan,sup anjeunna di sakola SDN (Sekolah Dasar Negeri) 4 Margaharja,diteraskeun ka SLTP (Sekolah Lanjut Tingkat Pertama) 1 Salakaria. Anjeuna pendak sareng nu namina Agus Bastaman di Cijantung nuju nganjang ka wargina tea. Ti harita anjeuna janten sering pependak, salami 1 taun anjeuna ngajalanan  hubungan.Teu lami nu janten bapak simkuring teh ngagaduhan paniatan hoyong janten pendamping hirup salila samaotna. Taun 1985 pun bapak sareng mamah nikah. Teras ayena tos ngagaduhan putra 1 sareng putri 2. Anjeuna ayena jadi ibu rumah tangga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Total Tayangan Halaman

Pengikut

Kesehatan