Nulis
résénsi buku dina dasarna sarua jeung nulis anu lian. Dina nulis résénsi buku,
panulis kudu maca hela éta buku anu arék diresensi. Dina résénsi buku fiksi,
panulis kudu nyieun hela sinopsis atawa tingkesan jalan carita éta buku atawa ngajén
aspék-aspék ditingali tina kacamata
sastra. Pikeun karya ilmiah atawa nonfiksi, panulis ngajépén aspék-aspék tina
widang élmu atawa topik hiji buku. Buku-buku anu rék diajén aya hubungan, aya
mangpaatna, atawa ngabogaan kaonjoyan.
Nulis
résénsi buku atawa ngarésénsi buku, kira-kira sarua jeung meunteun (ngajén)
hiji buku. Biasana lain baé eusina, sanajan éta nu diutamakeun, tapi ngurung
basana, cara/pola nulisna, sanajan, malah ilustrasi jeung sisi artistik ogé
tara kaliwat diajén. Ngan umumna ngeunaan ilustrasi jeung artistik mah, cukup
saluwat-saliwat.
Ngarésénsi
téh pagawéan kritikus atawa sok disebut résénsator. Profési anu teu éléh
pentingna dibandingkeun jeung pangarang. Ku kituna kacida diperlukeunana. Hasil
résénsi bisa dipaké panungtun, naha buku éta téh alus atawa goréng.
Lamun
alus lebah mana alusna, lamun kakurangan sisi mana kakurangannana. Hanjakalna,
utamana nu rajin ngarésénsi buku-buku basa Sunda, beuki dieu beuki langka. Bisa
jadi lantaran buku nu rék dirésénsinana ogé henteu loba. Sastrawan Sunda téh
dipiwanoh salaku kritikeus. Utamana buku-buku (karya) sastra jeung basa.
Ngiritik
atawa ngarésénsi buku, tangtu baé henteu bisa sawayah. Perlu modal pangaweruh
widang anu rék dikritikna. Kritikeus sastra kudu ngarti kana soal-soal sastra.
Nya kitu deui mun urang rék ngarésénsi buku ngeunaan basa, kudu paham heula
kana soal-soal basa.
Asal
rajin maca, hidep ogé bis jadi kritikeus. Saperti disabit tadi ngarésénsi téh
prinsipna mah ngajén atawa meunteun hasil karya boh fiksi atawa nonfiksi. Conto
fiksi anu bisa dirésénsi buku pangajaran atawa karangan-karangan ilmiah. Conto
nonfiksi anu bisa dirésénsi nya éta drama, novel, kumpulan carpon, kumpulan
dongéng, sinetron, film jeung réa-réa deui.
Aya
sababaraha faktor dina ngarésénsi buku, nya éta teu nutup kaonjoyan jeung
kahéngkéran buku éta. Ngajén hiji buku dina ngajén lain ngabebetkeun éta buku,
tapi ngan saukur ngaévaluasi atawa catetan pikeun pangarang jeung anu
medalkeunana pikeun ngahadéan buku upama buku éta rék dicétak ulang. Leuwih alus
dina ngajén kahéngkéranana anu dijadikeun fokus utamana ngajén sabub buku anu
rék dirésénsi kudu perlu dipertimbangkeun sabagé buku anu layak dibaca. Ku
sabab kitu buku anu loba kakukarangan-kakurangan alusna teu dirésénsi. Prak-prakanana
:
1. Buku
nu rék dirésénsi baca heula sing taliti, alusna ulah ngan sakali. Naon judulna,
saha pangarangna, medal taun sabaraha mun aya cetakan kasabaraha, pamedalna,
harga, ukuran buku, jeung kaca
2. Geus
enya-enya katangkeup eusina, timbang lebah mana kaonjoyanana jeung kahéngkérannana.
Naha aya anu anéh/istiméwa atawa sabalikna.
3. Taliti
basana; tata basa, istilah-istilah, éjahan, gaya basa, mun perlu nepi ka titik
komana, utamana upama anu dirésénsina buku ngeunaan basa.
4. Pola
nulisna; ngeunah henteu dibacana, karasa henteu rasa basana, jeung komonikatif
atawa henteu.
5. Sakira
dianggap penting, titénan ilustrasi jeung tata artistikna. Naha ilustrasina
merenah atawa malah tojaiah, teu ka ditu teu kadieu. Nya kitu deui tata
artistikna. Nya kitu deui artistikna, pangpangna hurup jeung metakeunnana,
nagreunah henteu katénjona.
6. Upama
tujuannana hayang méré gambaran lengkep ka nu maraca, ulah poho taliti jumlah
kaca jeung hargana.
7. Sanggeus
kitu kakara hasil pangajén urang ditulis. Inget, dina ngasongkeun pangajén kudu
enya-enya objéktif.
ngabebetkeun artinya ap?
BalasHapusMenggajretkan
HapusMenjatuhkan
HapusNu kumaha buku Jeung pilem anu Alus teh
BalasHapus